Rincik rincang rincik rincang
aya roda na tanjakan
sidik pisan sidik pisan
nyai teh bogoh ka akang
Mun arek neang paraji
geus pasti rek ngalahirkeun
mun peuting kabawa impi
mun beurang sok kagundamkeun
Tuh tempo ka lebah ditu
katumbiri nutug leuwi
duh enung jungjunan kalbu
geulisna kawanti-wanti
Mun pareng rek ka cilawu
ulah poho mawa baki
nu geulis tungkusan kalbu
hayu urang lakirabi
Lamun arek nepak kendang
kade kudu ati-ati
duh engkang jajaka gandang
geura beungkeut hate abdi
Najan kuring panen gedang
moal poho ka paraji
najan raga urang paanggang
tapi ati mah ngahiji
Mun pareng hiber japati
sok ngumbul katebak angin
duh jungjunan nu saati
iraha rek tukeur cingcin



aduh meni ku resep heuheu
Nuhun ah
muhun sami”